Book Creator

MODUL KAWIH - X

by Yogi Permadi

Cover

Loading...
Daptar Eusi :
A. Kompetensi Dasar
B. Tujuan Pembelajaran
C. Mikawanoh Kawih
D. Wangun Kawih
E. Kawih Sunda Klasik dan Pop
F. Identifikasi Struktur Kawih
G. Unsur Kawih
H. Contoh Teks Kawih
A. Kompetensi Dasar :
3.4 Membandingkan bentuk, struktur, dan aspek kebahasaan teks kawih Sunda klasik dan pop

4.4 Melantunkan kawih klasik dan pop Sunda dengan memperhatikan bentuk, ekspresi, dan teknik vokal
B. Tujuan Pelajaran:
1. Mengetahui kawih Sunda klasik dan pop

2. Manganalisis isi, struktur, dan rasa kebahasaan kasih Sunda klasik dan pop

3. Membedakan kawih Sunda klasik dan pop

4. Melantunkan kawih Sunda klasik dan pop

5. Mengapresiasi kawih Sunda klasik dan pop
Mikawanoh Kawih (Mengenal Kawih)
Wangun Kawih
Titénan sempalan rumpaka (lirik) kawih ieu di handap!
Mojang Priangan

Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priangan

Umat-imut, lucu
Sura-seuri, nyari
Larak-lirik, keupat
Mojang Priangan

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priangan

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priangan

Mojang anu donto
Matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka
Mojang Priangan

Gareulis, maranis
Disinjang, lalenjang
Éstu surup mun leumpang
Mojang Priangan
Anu dimaksud kawih téh nya éta sakur lalaguan nu aya di tatar Sunda. Kecap pagawéanna mah “ngawih” dina basa Indonésia mah disebut ogé “menyanyi”. Hartina, lamun urang hahariringan atawa nyanyi sakumna lagu Sunda, éta téh asup kagiatan ngawih.

Di tatar Sunda lalaguan téh aya tilu rupa nya éta kawih, kakawihan, tembang. Dilihat dari bentuknya antara kawih, kakawihan, dan tembang merupakan karya sastra dalam bentuk puisi. Namun, diantara kawih, kakawihan dan tembang mempunyai ciri, struktrur, dan bentuknya masing-masing.

Kawih dan kakawihan merupakan karya sastra lagu yang tidak terikat oleh pakem (aturan) tertentu, sedangkan tembang merupakan karya sastra dalam bentuk puisi yang terikat oleh aturan, yaitu terikat oleh aturan pupuh.
Kawih geus aya ti jaman baheula. Di taun 1518, naskah Siksa Kandang Karesian geus nyebutkeun rupa-rupa ngaran kawih, nya éta kawih sisi(n)diran, kawih sasa(m)batan, kawih igel-igelan, jrrd. Malah mah dina éta naskah disebutkeun yén lamun hayang nyaho kana perkara kawih, mangka kudu ditanyakeun ka paraguna. Kecap “paraguna” téh lamun basa kiwari mah seniman kawih / musisi / ahli music.

Saupama nilik kana naskah Siksa Kandang Karesian. Mangka bisa disebut yén jaman beheula téh kahirupan masarakat loba pakaitna jeung kagiatan ngawih. Ti mimiti mépéndé budak, nalika di sawah, malah nepikeun kagiatan ngadu’a ka pangeranna.
Wangun Kawih
Kawih geus aya ti jaman baheula. Di taun 1518, naskah Siksa Kandang Karesian geus nyebutkeun rupa-rupa ngaran kawih, nya éta kawih sisi(n)diran, kawih sasa(m)batan, kawih igel-igelan, jrrd. Malah mah dina éta naskah disebutkeun yén lamun hayang nyaho kana perkara kawih, mangka kudu ditanyakeun ka paraguna. Kecap “paraguna” téh lamun basa kiwari mah seniman kawih / musisi / ahli music.

Saupama nilik kana naskah Siksa Kandang Karesian. Mangka bisa disebut yén jaman beheula téh kahirupan masarakat loba pakaitna jeung kagiatan ngawih. Ti mimiti mépéndé budak, nalika di sawah, malah nepikeun kagiatan ngadu’a ka pangeranna.
Ngabédakeun Kawih Sunda Klasik jeung Pop Sunda
1. Diciptakeun geus heubeul pisan, puluhan taun ka tukang.
2. Sakapeung (terkadang) tara kapaluruh saha nu nyiptana
3. Dipirig ku waditra (alat musik) tradisional, saperti rebab, gamelan, kacapi, suling, jsb.
4. Masih loba keneh nu make sisindiran
KAWIH
Klasik
Rounded Rectangle
Rounded Rectangle
Rounded Rectangle
Pop
1. Kaasup wanda modern
2. Dipirig ku waditra modern saperti keyboard, gitar, jsb.
Contoh Kawih Klasik : Sorban Palid
Dina rumpaka kawih téh aya nu disebut pada jeung padalisan. Ari pada téh sarua jeung bait dina basa Indonésiana mah. Ari padalisan téh sarua jeung baris atawa jajar. Biasana dina sa-pada téh sok diwangun ku sababaraha padalisan (sababaraha jajar). Saperti dina kawih di luhur. Dina sa-pada téh diwangun ku opat padalisan. Dina kawih Sunda klasik, ku lantaran réréana rumpaka kawihna ngagunakeun sisindiran, ku kituna bisa katitén cirina tina unggal tungtung padalisanna anu boga sora murwakanti. Ari purwakanti téh nya éta saruana sora vokal tungtung dina hiji rumpaka atawa dina basa Indonesia mah mindeng disebut “rima”.
Tina rumpaka kawih di luhur, katitén ku hidep yén dina unggal tungtung padalisanna dibédakeun jadi dua warna, hideung jeung biru. Maksudna, antara warna anu sarua (boh padalisan 1 jeung padalisan 3, boh padalisan 2 jeung padalisan 4 téh méh sarua (ampir mirip) sora tungtungna atawa anu disebut murwakanti téa.
PrevNext