wawancara basa sunda

Loading...
Kompetensi Dasar3.5 menganalisi isi, struktur, dan aspek kebahasaan teks wawancara
4.5 merancang, melakukan dan menyusun laporan wawancara dengan memperhatikan kesantunan berbahasa
Loading...
Tujuan pengajaran 1. siswa bisa maca jeung maham kana eusi teks wawancara
2. siswa bisa ngaidentifikasi struktur wawancara
3. siswa bisa nyusun laporan wawancara kalawan merenah
Loading...
daftar isi1. pengertian wawancara
2. struktur
3. tahapan wawancara
4. contoh wawancara
PENGERTIAN WAWANCARA
Wawancara téh nyaéta kagiatan néangan informasi ku cara nanya ka narasumber (ahli dina widangna), pikeun meunang- keun data jeung fakta. Wawancara raket patalina jeung kagiatan jurnalistik (wartawan atawa réportér).
Kagiatan wawancara téh umumna diwangun ku tilu bagian, nyaéta bubuka, eusi jeung panutup. Éta babagian téh gunana pikeun ngawangun suasana wawancara anu merenah, boh pikeun nu ngawawancara boh narasumber nu diwawancarana.

1. Struktur Wawancara
a. Bubuka. Bubuka dina wawancara téh gunana pikeun ngarahkeun naon-naon nu rék didiskusikeun, sarta nu

bakal dilakukeun dina wawancara. Bubuka téh perlu pikeun nyiptakeun hubungan nu hadé antara nu nga- wawancara jeung narasumberna. Upama hubungan geus kawangun mah wawancara téh bakal bisa bébas, laluasa, jeung teu rundag-randeg. Pikeun nyiptakeun suasana kitu téh témbongkeun niat hadé sarta jelaskeun maksud jeung tujuan wawancarana.
b. Eusi. Bagian eusi téh poko tina wawancara. Dina tahap ieu nu ngawawancara jeung narasumber silih pairan jeung méré tanggapan, nanya jeung ngajawab. Cindekna, dua- nana keur aya dina inti kagiatan kalawan maksud jeung ugeran wawancara anu geus dijangjikeun ti anggalna.
Panutup. Ieu tahap téh minangka kagiatan nyindekkeun jeung nutup wawancara. Dina panutup, sanggeus waw- ancarana cukup jeung geus direkam atawa diringkes eusi poko-pokona, tuluy diterangkeun éta hasil waw- ancara téh bakal dikumahakeun. Iwal ti éta, terangkeun ogé kumaha lajuning laku anu dipiharep ti pihak nara- sumber anu diwawancara.

2. Maham Padika Ngawawancara
Kagiatan wawancara téh bisa lumangsung upama raran- cangna geus ditataharkeun jeung disusun. Aya tilu tahap dina ngalaksanakeun wawancara téh, nyaéta tatahar, ngalaksanakeun wawancara, jeung nyusun laporan wawancara Pék tengetan péréléanana!
1. Tatahar Prosés tatahar saméméh ngawawancara téh umumna ngawengku tilu kagiatan, nyaéta nangtukeun téma, nangtukeun narasumber, jeung nyusun daptar pananya.
a.
Nangtukeun téma
Nangtukeun heula téma atawa poko pasualan anu rék jadi bahan wawancara. Téma anu bisa dipilih téh réa pisan, upamana téma pendidikan, lingkungan hirup, pakasaban, kalangenan ata- wa pangresep, jeung réa-réa deui